GalÉri DÉskripsi Sunda
Hayu diajar jeung maÉn!
Kawitan
Hayu urang maén!
Pindahkeun gambar sato ka tempat nu leres!
Éndahna balong kuring
Di sabudeureun balong, kaayaanana kacida raména. Cai balongna hérang, loba kembang taraté anu keur mangkak. Aya éntog keur ngojay. Bangkong luncat kana daun taraté. Lauk ogé luluncatan tina jero cai. Di sisi balong, aya keong nu ngarayap lalaunan jeung papatong nu hiber ngalayang. Éndah pisan kaayaan di balong téh!"
Maén, yu!
Galéri Déskripsi
Papatong
Bangkong
Kéong
éntog
Lauk
Tempelkeun gambar nu luyu jeung deskripsi
sato nu hirupna di cai jeung di darat, jeung bisa luncat.
Pamatukna gepéng sarta sukuna démprak,
Leumpangna laun boga cangkang awakna leutik
Bisa hiber jangjangna ipis awakna leutik
Rancagé pisan!
Hayu urang diajar deui!

Sato di buruan
Sato di buruan
Di buruan imah aya sababaraha sato ingon-ingon anu hirup babarengan. Aya kelenci keur ngadahar wortel, anjing anu keur ngomé bal, jeung hayam anu leuleumpangan bari néangan kadaharan. Dina tangkal, aya manuk anu récét sorana matak pikabungaheun, sedengkeun ucing keur anteng cicing dina luhur pager. Éta sasatoan hirup tingtrim di buruan imah.
Galéri Déskripsi
Ucing
Anjing
Hayam
Manuk
Kalinci
Tapelkeun gambar nu luyu jeung deskripsi
Bisa hiber sarta sorana recet
Sukuna opat, lucu, sarta sorana "meong, meong"
Ceulina panjang, pinter ngaluncat sarta resep sayur
Sukuna dua sarta sorana kongkorongok.
Papatong nyaéta sato nu bisa hiber, jangjangna ipis, panonna gedé sarta sok eunteup dina tutuwuhan.
éntog téh sato nu hirupna di dua alam, nyaéta di darat jeung di cai. Pamatukna gepéng sarta sukuna démprak, jeung buluna teu babari baseuh.
Anjing téh sato sukuna opat, tur karesepna kana daging-dagingan. Anjing sorana "gog, gog".
Manuk mah sato anu bisa hiber lantaran boga jangjang. Sukuna aya dua sarta cicingna sok dina tangkal.
Kelenci téh sato anu ceulina panjang tur pinter luncat. Kadaharan karesepna nyaéta wortel.
Kéong téh sato nu leumpangna laun pisan, awakna lésang sarta boga cangkang dina tonggongna.
Hayam téh sato ingon-ingon anu sukuna aya dua. Sorana "kokotak" upami hayam bikang, tur "kongkorongok" lamun hayam jago. Hayam resep pisan kokoréh dina taneuh pikeun néangan cacing.
Ucing mah sato anu lindeuk tur lucu, sukuna aya opat sarta buluna lemes. Sorana "meong meong". Ucing téh karesepna néwak beurit.
Lauk téh sato nu hirupna dina cai. ngarénghapna ngaliwatan insang sarta miboga sisit.
Bangkong téh sato nu hirupna di cai jeung di darat. warna kulitna hejo atawa kopi semu geuneuk, jeung bisa luncat. Biasana sok cicing di sawah.
Galeri Deskripsi Sunda
ENDAH DEA
Created on April 30, 2026
Start designing with a free template
Discover more than 1500 professional designs like these:
View
History Infographic
View
Visual Thinking Infographic
View
Pollution Post
View
Hand-Drawn Infographic
View
Mathematical Operations
View
Frayer Model
View
Create Your Story in Spanish
Explore all templates
Transcript