Want to create interactive content? It’s easy in Genially!
MATERI DONGENG
Kopi Lokal
Created on August 6, 2023
Start designing with a free template
Discover more than 1500 professional designs like these:
View
Psychedelic Presentation
View
Modern Presentation
View
Relaxing Presentation
View
Chalkboard Presentation
View
Visual Presentation
View
Terrazzo Presentation
View
Halloween Presentation
Transcript
MATERI DONGÉNG BASA SUNDA
DIAN BRILYAN PRIYANGGA, S.Pd.
der ah
1.
TULIS DINA BUKU SÉWANG-SÉWANGAN NGEUNAAN KAAYAAN KONDISI (EMOSI) NU KEUR KARANDAPAN AYEUNA
RELAKSASI
TUJUAN PEMBELAJARAN
10.2.1
10.2.2
Membandingkan jenis dongeng berdasarkan isi, struktur, dan aspek kebahasaan.
Menampilkan berbagai jenis dongeng dengan cara ngadongeng, monolog, atau dramatisasi.
"Pangalaman naon anu ku sadérék geus dilakukeun nu aya patalina jeung materi Dongéng ?"
SHARING IS CARING
6 hal nu bakal dibahas ngeunaan materi dongÉng
rupa-rupa buku dongÉng
materi
prak-prakan nulis dongÉng
papasingan
prak-prakan ngadongÉng
unsur-unsur
materi dongÉng
(theory)
Dongéng téh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. Nilik wanda jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi ogé sato, buta, atawa mahluk-mahluk séjéna. Kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun mungkus téma.
maca leuwih teleb
PAPASINGAN dongÉng
(Pembagian)
1. Dongéng anu nyaritakeun jalma dina masarakatna jeung dina sajarahna, upama dongéng para raja, para putri, para nabi, patani, tukang dagang. conto dongéng: “prabu silliwangi”, “kéan santang”, “si kabayan”. 2. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti: kuya, monyét, peucang, tutut, maung, munding jsb. contona: “kuya jeung monyét”, “peucang keuna ku leugeut”, “kidang jeung ajag”. 3. Dongéng anu nyaritakeun asal usul kajadian tempat, barang , sasatoan, jeung tutuwuhan. contona, dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu”, “Sasakala Maung Sancang”, “Sasakala Paré” 4. Dongéng anu nyaritakeun mahluk-mahluk ciptaan, bangsaning jurig jeung siluman, dongéng kieu téh sok aya anu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian, saperti naon sababna paré di sawah béak ku beurit, naon sababna aya sasalad panyakit jsb. upamana dongéng “kuntilanak, “munjung”, jeung dongéng ngeunaan tempat anu saranget.
maca leuwih teleb
unsur - unsur dongÉng
(intrinsik)
a. Jejer (tema), Téma nyaéta idé, gagasan, atanapi pokok pikiran anu ngajiwaan carita. b. Latar (sétting), Latar atawa setting nyaéta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita. c. Palaku (tokoh), Palaku atawa tokoh nyaéta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita. Saban palaku boga pasipatan atawa watek séwangséwangan, naha sabar, gedé ambek, bageur, atawa angkara murka. d. Galur (alur), Galur atawa alur nyaéta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur. e. Amanat (pesen), Amanat atawa pesan nyaéta rupaning hal atawa perkara nu rék ditepikeun ku pangarang dina karyana.
(ekstrinsik)
Unsur nu ngawangun ti luar, ilaharna ngeunaan kasang tukang masarakat atawa pangarang
maca leuwih teleb
rupa-rupa buku dongÉng
Ieu di handap ditataan sawatara buku sunda anu ngamuat rupa-rupa dongéng sunda:
1. Wawacan Dongèng-dongéng Tuladan (1863) ditulis ku R.H. Moehamad moesa. 2. Dongéng-dongéng pieunteungeun (1867) ditulis ku R.H. moehamad Moesa. 3. Warnasari Atawa Rupa-rupa Dongéng (1876) ditulis ku R.A. Lasminingrat. 4. Dongéng-dongéng nu Aranéh (1884) ditulis ku R.H. Moehamad Moesa. 5. Dongéng-dongéng Tuladan (1888) ditulis ku Rd. Prawira Koesoemah. 6. Pariboga: Dua Puluh Lima Dongéng Sunda (1911) C.M. Pleyte (nu ngumpulkeun). 7. Carita Kelenci Jeung Ajag (1912) ditulis ku M. Partadi redja. 8. Carita anu Mashur: Tilu Dongéng Lenyepaneun (1912) ditulis ku R. Satjadibrata. 9. Saruni sarosopan nyaéta Rupa-rupa Dongéng Pépéling (1919), ditulis ku Wadi Wasta jeung Padmadiredja. 10. Dongéng Warna-warna (1920) ditulis ku R. Ardiwinata.
maca leuwih teleb
prak-prakan nuliskeun dongÉng
(learning by doing)
1. Paham kana galur carita. Ieu téh jadi modal utama sangkan hidep bisa nuliskeun deui carita na kalawan gambleng. Ulah nepi ka caritana jadi robah tina aslina , atawa teu tamat. 2. Wanoh kana palaku-palakuna. Palaku-palaku nu aya dina dongéng téh bisa sato, manusa, tatangkalan, atawa mahluk gaib jeung sajabana. Tengetan heula unggal ngaran palakuna jeung watekna . 3. Tuliskeun deui maké gaya basa anu matak kataji. Ulah formal teuing nuliskeunana, sabab dina téks dongéng kudu Ngandung éksprési anu luyu jeung caritana.
maca leuwih teleb
prak-prakan ngadongÉng
Ngadongéng téh hiji kagiatan anu butuh totalitas sangkan matak kataji. Aya sababaraha anu diperhatikeun dina prakprakannana ngadongéng. Pek tengetan ieu di handap!
1. Paham kana eusi dongéng. Ieu téh hal anu utama pikeun ngadongéng. tangtu urang kudu geus maca atawa paham kana galur caritana, para palakuna, kajadiannana, sarta rupa-rupa hal anu aya dina eusi dongéng téa. ieu téh jadi modal utama anu wajib dipibanda pikeun nu ngadongéng. 2. Paké kekecapan nana anu gampang dipikaharti. luyukeun baé jeung kamampuh hideup pikeun ngadongkeun hiji lalakon. Upama aya kekecapan anu teu di pikaharti, bisa waé diganti ku sasaruana atawa ku kecap anu leuwih basajan. 3. Ngatur sora. Dina ngadongéng sora bisa waé ditarikeun atawa dilaunkeun. Tapi tangtuna gé kudu luyu jeung eusi dongéngna. Inotasi (lentong) ogé bakal nangtukeun hirup-henteuna jeung matak kataji henteuna hiji dongéng. 4. Gerakan leungeun. Tembongkeun gerakan anu luyu jeung dongéng anu dicaritakeun. Upamana baé, lamun aya anu nyaritakeun ngaharéwos, mangka perlu dipetakan gaya anu keur ngaharéwos. Upama anu keur sumanget, leungeun téh bisa dikeupeulkeun keur némbongkeun sumangetna.
maca leuwih teleb
prak-prakan ngadongÉng
Ngadongéng téh hiji kagiatan anu butuh totalitas sangkan matak kataji. Aya sababaraha anu diperhatikeun dina prakprakannana ngadongéng. Pek tengetan ieu di handap!
5. Gerakan panon. Ieu ogé penting pisan dina prak-prakanana ngadongéng téh. Ulah ningali waé ka luhur atawa ka handap. Pék tonton panonton atawa anu ngaregepkeun dongéng urang. ku cara urang bakal menang perhatian. 6. Mimik atawa gerak awak kudu ekspresif. Lamun leuleus lungsé dina ngadongéng, moal gé matak narik. Ngadongéng téh kudu ngabarengan ngarobahna intonasi atawa lentong, mimik jeung basasana. 7. Improvisasi. Hadé pisan upama urang apal kana caritana. tapi upama poho di tengah jalan, bisa waé ngalakukeun improvisasi téh sabisa-bisa kudu nyambung kénéh kana lalakona. 8. Percaya diri. Tangtuna upama urang geus ngawasa eusi jeung rupa-rupa hal pikeun ngadongéng, urang bakal percaya diri. Tembongkeun sikep anu soméah jeung gumbira saméméh ngadongéng. upama geus asup kana caritana, luyukeun eksprési urang jeung kajadian dina carita.
maca leuwih teleb
LATIHAN 1
1. Naon ari dongéng téh? 2. Sebutkeun papasingan dongéng? 3. Sebutkeun unsur-unsur dongéng? 4. Kumaha prak-prakan nuliskeun dongéng téh? 5. Kumaha prak-prakan ngadongéng téh?
CONTO NASKAH DONGENG
SASAKALA GUNUNG KENDANG
Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakon nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna. Sabab lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang. Tapi Ki Sutaarga keukeuh peuteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayar sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna. Pok Ki Dalang sasauran, “Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar ti heula.” Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaarga téh. Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména. Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyay-enyayan, tembang hégar pisan. Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalindeng halimpu pisan. Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu maké pakéan saragam upas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supaya éta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheus ka kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan. Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur-baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisan leuleumpangan henteu loba sumarimpang.
CONTO NASKAH DONGENG
SASAKALA GUNUNG KENDANG
Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg harempak rareureuh dihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang. Tapi anéh bin ajaib! Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampa karana. Sakabéh nu hadir musna teu nyaho kamana leosna. Nu aya sésana ngan gamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robah ngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang. Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Juma’ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén ngagalindeng angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nang-néng-nong. Ditémpas ku sora kendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan. Loba jelema katipu. Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantar peundeuy, jeung nu séjénna, nu dék lalajo ngabring, maranéhna nyangka aya kariaan di kampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangka yén nu nanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy. Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Di jalan abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, di mana aya nu kariaan téh. Masing-masing tingpolongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu. Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong, anggel, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana aya opat bélas, anu nangtung anu ngedeng. Anu siga guguling panjangna hiji satengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét Kabupatén Garut, di komplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru. (dicutat tina file Disbudpar Garut, kenging Warjita saparakanca)
LATIHAN 2
1. Naon jejer atawa téma dongéng di luhur? 2. Sebutkeun tokoh anu aya dina éta dongéng? Watekna jiga kumaha? 3. Kaasup kana wanda dongéng naon? 4. Hal-hal pamohalan naon anu aya dina éta dongéng? 5. Naon amanat tina éta dongéng di luhur?
HATUR NUHUN
BALUNGBANG TIMUR CAANG BULAN PATWELAS, JALAN GEDE SASAPUAN
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit
Lorem ipsum dolor
Consectetur adipiscing elit
Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore. Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipiscing elit, sed do eiusmod tempor incididunt.
- Lorem ipsum dolor sit amet.
- Consectetur adipiscing elit.
- Sed do eiusmod tempor incididunt ut.
- Labore et dolore magna aliqua.
Lorem ipsum dolor sit