Want to create interactive content? It’s easy in Genially!

Get started free

Materi Tarjamahan

Kopi Lokal

Created on August 6, 2023

Start designing with a free template

Discover more than 1500 professional designs like these:

Higher Education Presentation

Psychedelic Presentation

Vaporwave presentation

Geniaflix Presentation

Vintage Mosaic Presentation

Modern Zen Presentation

Newspaper Presentation

Transcript

Senen, 7 Agustus 2023

#0001

TARJAMAHAN

wanci meletek panon poe

Ngulik materi ngeunaan Tarjamahan Sunda

Koran digital edisi munggaran karya :Dian Brilyan Priyangga

Relaksasi

Tujuan Pembelajaran

10.1.1 Menganalisis aspek kebahasaan dan rasa bahasa teks terjemahan.10.1.2 Menerjemahkan teks ke dalam bahasa Sunda atau sebaliknya dengan memperhatikan unsur kebahasaan da rasa basa.

heula nya

Tulis dina buku sewang-sewangan ngeunaan kaayaan kondisi (emosi) nu keur karandapan ayeuna, boh kaayaan kondisi (emosi nu positif atawa negatif)

4 hal nu bakal dibahas

Sharing Is Caring

1. Teori2. Wanda 3. Nyungsi Padika Narjamahkeun 4. Maca Teks Tarjamahan

Pangalaman naon anu ku saderek geus dilakukeun nu aya patalina jeung materi Tarjamahan ?

Medar Perkara Materi Tarjamahan Sunda

Konsep

Istilah “tarjamah” téh asalna tina basa Arab. Ari dina basa Inggris mah disebutna “translation”. Dina istilah séjén disèbut ogé alih basa. Béda jeung istilah transliterasi (alih aksara) jeung transkripsi (alih wangun tina ucapan kana tulisan).

Tarjamah téh prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma’na jeung gaya basana (Widyamartaya, 1989).

Nurutkeun kamus, kecap : - deras ngandung harti tarik - membuat ngandung harti nyieun - meluap ngandung harti leber

Cara Narjamahkeun

Narjamahkeun teu meunang sakecap-sakecap, tapi kudu merhatikeun konteksna atawa ma’na kalimahna

Upama nurutkeun harti saujratna tina kamus, eta kalimah jadi : Hujan tarik nyieun Sunge Citanduy leber dina sababaraha poe ieu

Conto : Hujan deras membuat sungai Citanduy meluap dalamd beberapa hari ini

Tapi kucara merhatikeun konteks kalimahna eta kecap-kecap teh sarua hartina jeung “gede”, “nyababkeun”, “caah gede”. Kusabab kitu tarjamahan anu bener nyaeta : Hujan gede nyababkeun Sunge Citanduy caah gede dina sababaraha poe ieu.

WANDA TARJAMAHAN

Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh umumna aya genep, nyaéta:

Tarjamahan Dinamis/Fungsional

Tarjamahan Formal (Harfiah)

Tarjamahan Interlinear

Nyaéta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran. Wangun basa aslina sabisa-bisa dipertahankeun sanajan sakapeung mah hartina sok karasa kurang marenah dina basa sasaran. Ieu cara narjamahkeun téh ngupayakeun sasaruaan kecap antara basa sumber jeung basa sasaran dina aspék léksikal (kecap) jeung sintaksis (kalimah). Ieu tarjamahan museur kénéh kana struktur lahir.

Mindahkeun basa anu mertahankeun ma’na anu dikandung dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran. Aya ogè anu nyebut minangka “Tarjamahan idiomatis” (idiomatic translation). Jadi, cara nerjamahkeun nu kieu mah daria pisan dina nèangan sasaruaan kecap anu wajar jeung pangdeukeutna dina basa sasaran anu bisa ngèrèhkeun harti jeung fungsi anu dikandung dina tèks basa aslina. Ieu tarjamahan tèh gèdè pisan gunana pikeun mikanyaho ma’na, berita, atawa amanat anu aya dina naskah nu ditarjamahkeun.

Nyaéta tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap kana basa aslina. Ieu tarjamahan téh gunana pikeun mikanyaho wangun jeung susunan kecap dina basa aslina unggal baris, bari teu kudu diajar heula basa sumberna. Umumna wanda tarjamahan interlinèar mah hésé dipikaharti sabab kekecapanana tina basa sasaran tapi susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna.

Saduran

Tarjamahan Budaya

Nyaèta hasil tarjamahan bèbas (free translation) anu mentingkeun amanat, tapi ngèbrèhkeun anu makè kekecapan sorangan. Nu kaasup wanda ieu tarjamahan tèh aya tilu nyaèta: a. Tarjamahan sastra (literary/aestethic -poetic translation) Anu nerjamahkeun karya sastra saperti puisi jeung drama kalawan museurkeun wangun-wangun puisi,konotasi èmotif, jeung gaya basa; b. Tarjamahan faktual (fragmatic translation) Anu ngutamakeun nganalisis fakta, hususna dina widang usaha (niaga) jeung tèknologi; Anu tujuanana pikeun ngawanohkeun eusina dina basa anu hirup jeung gampang anu dipikaharti, tapi dina prak-prakana leuwih bèbas pikeun ngasupkeun pamanggih pribadi nu narjamahkeun kana naskah.

Nyaèta narjamahkeun ma’na tapi ngaluyukeun jeung kabudayaan sasaran. Mindeng diwuwuhan informasi anu teu kaunggel dina basa sumberna. Disebut ogè” nafsirkeun deui nurutkeun kabudayaan” (cultural interpration). Jadi, eusi tèksna dièbrèhkeun deui makè kekecapan sorangan luyu jeung kontèks kabudayaan nu narjamkeun jeung nu maca dina bisa sasaran ieu tarjamahan.

Tarjamahan Otomatis

Nyaèta ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah tina basa sumber kana basa sasaran. Ku cara ieu pagawèan narjamahkeun tèh jadi leuwih èntèng. Tapi pakakas pikeun narjamahkeun sacara otomatis tèh acan panceg sarta masih terus dimekarkeun nepi ka kiwari.

Padika Narjamahkeun

Hal nu kudu dipertahankeun dina Narjamahkeun

Prosès Narjamahkeun

Narjamahkeun téh kawilang prosès anu kompléks, anu dijerona ngawengku runtuyan kagiatan. Nurutkkeun Nida jeung Traber (dina Widyamartaya, 1989), prosès narjamahkeun téh saperti ieu dihandap: 1. MARIKSA, dipakè pikeun ngaguar amanat anu rék ditarjamahkeun. Dijerona ngamuat analisis gramatikal (wangun kalimah) jeung analisis semantik boh konotatif boh dènotatif. 2. MINDAHKEUN, masualkeun prak-prakanana éta hasil analisis téh dipindahkeun tina basa sumber kana basa tarjamahan, nepi ka ngahasilkeun réaksi anu sarua jeung dina basa aslina. 3. NGAWANGUN DEUI, medar rupa-rupa gaya basa jeung téhnik nu bisa dipaké pikeun ngahasilkeun gaya basa nu luyu.

1. Kudu satia kana tèks aslina sarta kudu nembongkeun kajujuran 2. Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina karangan aslina. Upama gayana basajan, tarjamahana ogé kudu basajan. 3. Hasil tarjamahan téh ulah katémbong minangka karya tarjamahan. Maksudna kudu ngaguluyur seperti karangan aslina.

Ieu di handap aya dua téks tarjamahan tina basa Indonesia kana basa Sunda jeung tina basa Sunda kana basa Indonésia karya panyajak Surachman R.M

MENDAKI BUKIT San Francisco 1970 Mendaki bukit dalam trem kecil Angin memacu dari alik teluk Agak sayup biru laut. Tak tersentuh Oleh gapaian tangan yang kerdil

DINA TANJAKAN Di San Francisco 1970 Trém ngahegak nanjak ka dayeuh Angin nyusul ti lengkob di landeuh Lalpat-lapat biru laut. Ah, moal kahontal Ku angen-angen nu ngan sajengkal (dicutat tina Di Balik Matahari, 1974, K. 51)

MACA TEKS TARJAMAHAN

MACA TEKS TARJAMAHAN

Saya dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat. Hal saya dibawa pindah ke Pasuketan penting diceritakan, sebab kalau saja saya terus tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang terletak di samping balaidesa, tentu kisah hidup saya akan berbeda. Desa Cibolérang adalah salah satu di antara tiga desa yang membentuk kota kewedanaan (kini kecamatan) Jatiwangi. Dua desa lainnya adalah desa Sutawangi dan Cicadas. Sutawangi di tengah-tengah, Cicadas di sebelah barat, sedang Ciborélang di sebelah timur. Kota Jatiwangi yang secara administratif termasuk ke dalam wilayah kabupaten Majalengka, secara kultural terletak di daerah tapal batas kultur Sunda dan (Jawa) Cirebon. Waktu itu, ada dua bahasa sehari-hari yang digunakan oleh orang Jatiwangi, yakni bahasa Sunda dan bahasa (Jawa) Cirebon, tergantung dari lingkungan sosial dan pekerjaan masing-masing. Di sekitar balai desa Cibolérang yang terletak di sebelah selatan jalan raya Cirebon-Bandung di seberang pasar -disebut “Pasar Baru” karena pasar lama terletak di depan balai desa Sutawangipenduduk sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon. Orang Kaum (masjid terletak tepat di sebelah barat-laut desa, karena sepelataran) berbicara dalam bahasa Cirebon. Demikian pula orang pasar berbicara dalam bahasa Cirebon, meskipun penduduk yang tinggal di sebelah utara, timur dan barat pasar -jadi, yang terletak di sebelah utara jalan raya Bandung-Cirebonkebanyakan menggunakan bahasa Sunda. Jadi, kalau saja saya tetap tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang disebut Blok Salasa, tentu saya pun sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon…

MACA TEKS TARJAMAHAN

Kuring dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu perenahna gigireun balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur kuring kakara sawatara welas bulan kuring dibawa pindah ka bumi Aki di Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna kuring matuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat. Perkara dibawa pindah ka Pasuketan téh penting dicaritakeun, sabab lamun kuring terus matuh di imah titinggal karuhun ti indung nu ayana di gigireun balédésa téa, tanwandé lalakon hirup kuring baris béda. Désa Ciborélang téh salah sahiji ti tilu désa nu ngawangun kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi. Nu dua deui nyaéta désa Sutawangi jeung Cicadas. Sutawangi di tengah, Cicadas beulah kuloneunana, Ciborélang wétaneunana. Kota Jatiwangi anu sacara administrasi kaasup ka Kabupatén Majalengka téh, sacara kultural aya di daérah tapel wates kultur Sunda jeung (Jawa) Cirebon. Harita, basa sapopoé anu digunakeun ku urang Jatiwangi, aya dua, nyaéta basa Sunda jeung basa (Jawa) Cirebon, gumantung ka lingkungan sosial jeung pagawean masing-masing. Di sabudereun balédésa Ciborélang anu perenahna kiduleun jalan raya Cirebon-Bandung di peuntaseun pasar -disebut “Pasar Baru” da anu heubeul mah ayana di hareupeun balédésa Sutawangi- jalma téh sapopoéna ngagunakeun basa Cirebon. Urang Kaum (masjid perenahna kulon-kaléreun balédésa pisan, da sapalataran) nyaritana ngagunakeun basa Cirebon. Kitu deui urang pasar nyararitana maké basa Cirebon, sanajan ari anu caricing di kaléreun, wétaneun jeung kuloneun pasar mah jadi nu aya di sakaléreun jalan raya Bandung-Cirebon –réréana ngagunakeun basa Sunda baé. Jadi, lamun kuring terus cicing di imah tuturunan ti karuhun indung nu disebut Blok Salasa, tanwandé kuring gé sapopoé téh ngagunakeun basa Cirebon…

MACA TEKS TARJAMAHAN

UNDANG-UNDANG DASAR NEGARA REPUBLIK INDONÉSIA TAHUN 1945 PEMBUKAAN (Preambule) Bahwa sesungguhnya kemerdekaan itu ialah hak segala bangsa dan oleh sebab itu, maka penjajahan diatas dunia harus dihapuskan karena tidak sesuai dengan perikemanusiaan dan perikeadilan. Dan perjuangan pergerakan kemerdekaan Indonesia telah sampailah kepada saat yang berbahagia dengan selamat sentosa mengantarkan rakyat Indonesia ke depan pintu gerbang kemerdekaan negara Indonesia, yang merdeka, bersatu, berdaulat, adil dan makmur. Atas berkat rahmat Allah Yang Maha Kuasa dan dengan didorongkan oleh keinginan luhur, supaya berkehidupan kebangsaan yang bebas, maka rakyat Indonesia menyatakan dengan ini kemerdekaannya. Kemudian daripada itu untuk membentuk suatu pemerintah negara Indonesia yang melindungi segenap bangsa Indonesia dan seluruh tumpah darah Indonesia dan untuk memajukan kesejahteraan umum, mencerdaskan kehidupan bangsa, dan ikut melaksanakan ketertiban dunia yang berdasarkan kemerdekaan, perdamaian abadi dan keadilan sosial, maka disusunlah kemerdekaan kebangsaan Indonesia itu dalam suatu Undang-Undang Dasar negara Indonesia, yang terbentuk dalam suatu susunan negara Republik Indonesia yang berkedaulatan rakyat dengan berdasar kepada : Ketuhanan Yang Maha Esa, kemanusiaan yang adil dan beradab, persatuan Indonesia, dan kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan/perwakilan, serta dengan mewujudkan suatu keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia.

MACA TEKS TARJAMAHAN

UNDANG-UNDANG DASAR NEGARA REPUBLIK INDONÉSIA TAUN 1945 BUBUKA (Preambule) Saestuna kamerdekaan teh hak sakumna bangsa. Kusabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun lantaran teu luyu jeung perikamanusaan tur perikaadilan. Sarta perjoangan pergerakan kamerdekaan Indonesia geus cunduk kana waktu nu rahayu kalawan berekah salamet santosa nganteurkeun rayat Indonesia ka gapura kamerdekaan Nagara Indonesia nu merdeka, ngahiji, kawasa, adil, jeung ma’mur. Ku berekahna rahmat Allah Nu Mahakawasa kalawan dijurung ku angen-angen nu luhung sangkan kahontal kahirupan kabangsaan nu bebas, nya ku kituna rayat Indonesia netelakeun kamerdekaanana. Saterusna, pikeun ngawangun hiji Pamarentah Nagara Indonesia nu nangtayungan sakumna bangsa Indonesia jeung sakuliah lemah cai Indonesia sarta pikeun ngamajukeun karaharjaan umum, nyerdaskeun kahirupan bangsa, jeung milu ngalaksanakeun katartiban dunya dumasar kana kamerdekaan, karepehrapihan nu langgeng jeung kaadilan sosial, nya disusun eta Kamerdekaan Kabangsaan Indonesia teh dina hiji Undang-Undang Dasar Nagara Indonesia, winangun Nagara Republik Indonesia nu ngagen kadaulatan rayat sarta dumasar kana : Katuhanan Nu Maha Esa, Kamanusaan nu adil jeung beradab, Persaatuan Indonesia, jeung Karayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan dina Permusawarahan/ Perwakilan, bari jeung ngawujudkeun Kaadilan sosial pikeun sakumna rayat Indonesia.

Latihan 1

1. Naon ari tarjamahan téh? 2. Sebutkeun wanda tarjamahan? 3. Naon bédana tarjamahan jeung tarjamahan formal? 4. Naon bédana tarjamahan dinamis jeung saduran? 5. Naon bédana tarjamahan budaya jeung tarjamahan otomatis? 6. Kumaha padika narjamahkeun téh?