Want to create interactive content? It’s easy in Genially!

Get started free

PPT SISINDIRAN B.SUNDA

Ramdan master

Created on July 27, 2023

.

Start designing with a free template

Discover more than 1500 professional designs like these:

Animated Chalkboard Presentation

Genial Storytale Presentation

Blackboard Presentation

Psychedelic Presentation

Chalkboard Presentation

Witchcraft Presentation

Sketchbook Presentation

Transcript

SISINDIRAN

GASKEUN...?

- kelompok 7 -

SISINDIRAN

1. NAON SIH ARI SISINDIRAN TEH....?

2. STRUKTUR SISINDIRAN

3. RUPA - RUPA SISINDIRAN

- kelompok 7 -

SISINDIRAN

Sisindiran nyaeta salahsahiji wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Umpama dina sastra Indonesia mah sisindiran teh siga atawa sarupa jeung pantun. Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol.

- kelompok 7 -

STRUKTUR SISINDIRAN

Dina sisindiran aya dua bagian atawa struktur. Bagian kahiji disebut cangkang anu hartina sampiran, jeung bagian kadua disebut eusi anu hartina isi. Sisindaran oge kaiket ku aturan jumlah baris, nyaéta unggal bait kudu opat padalisan sareng sapadalisan kedah aya 8-12 engang.

- kelompok 7 -

RUPA-RUPA SISINDIRAN

Sisindiran aya tilu rupa, nya éta :
1- Paparikan
2- Rarakitan
1- Wawangsalan

- kelompok 7 -

PAPARIKAN

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Upama ditilik tina sifatna, paparikan kabagi kana 3 tujuan, nya éta ngajelaskeun karep (silih asih), ngajéntrékeun piwuruk (paribasa atawa nasehat), jeung ngajéntrékeun sésébréd (banyol).

Contona....!!!

Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuit. Anu geulis ngadeukeutan, hayangeun dibéré duit. - sésébréd -

Meuncit meri dina rakit, boboko wadah bakatul. Lain nyeri ku panyakit, kabogoh direbut batur. - silih asih -

Ka kulah nyiar kapiting, ngocok endog bobodasna. Ulah sok liar ti peuting, osok loba gogodana. - piwuruk -

- kelompok 7 -

RARAKITAN

Rarakitan asalna tina rakit anu hartina sapasang. Harti rarakitan sacara istilah nya éta sisindiran dina wangun pantun anu diwangun ku opat padalisan jeung guguritan a-b-a-b. Ditilik tina eusina, rarakitan dibagi jadi 3 rupa. Nyaéta rakitan piwuruk, silih asih, jeung sésébréd.

Contona....!!!

Aya budak mawa casan Ngan hanjakal teu dibeli Aya budak geulis pisan Ngan hanjakal tara mandi - sésébréd -

Sing getol nginum jamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol neangan élmu, nu guna dunya ahérat. - piwuruk -

Sapanjang jalan Soréang, moal weléh diaspalan. Sapanjang tacan kasorang, moal weléh diakalan. - silih asih -

- kelompok 7 -

WAWANGSALAN

Wawangsalan sabenerna ngarupakeun wangun sisindiran anu diwangun ku sindiran jeung eusi. Sindiran diwangun ku cangkang (kulit/sampir) jeung wangsal. Wangsal hartina disumputkeun. Pikeun manggihan wangsal, Anjeun kudu néangan dina bagian eusi. Wangsal biasana sarua sorana jeung salah sahiji kecap dina baris awak. Wawangsalan diwangun ku dua baris (padalisan). Baris kahiji sindiran, baris kadua eusi. Unggal padalisan diwangun ku dalapan suku kata (engang).

Contona....!!!

Belut sisit saba darat,Kapiraray siang wengi. (Maksudna: oray)

Jukut jangkung pipir gunung, Haté abdi panas peurih. (Maksudna eurih)

Teu beunang dihurang sawah Teu beunang dipikameumeut (Maksudna: Simeut)

- kelompok 7 -

HATUR NUHUN