Want to create interactive content? It’s easy in Genially!

Get started free

Copy - Tugas Sunda

Aay Hendrayani

Created on February 6, 2023

Start designing with a free template

Discover more than 1500 professional designs like these:

Transcript

Caturangga Repok

KElompok4

Anggota KElompok

Ketua KElompok

NAzaha P.s

Fresilia a.f

NAdia n.p

Gaby a.p

Revanaldi m.s

Yusup m.s

Septian a.r

Sultan noer

Muhammad Faiq

Caturangga

Kecap caturangga robahan tina katuranggan, asalna tina turangga hartina kuda. Caturangga bisa dihartikeun kaweruh paranti mikanyaho tanda-tanda kuda, hadé henteuna pikeun diingu. ka dieunakeun aya sawatara anggapan, caturangga téh dihartikeun ogé pikeun nganyahokeun hadé goréngna hayam adu, puyuh, atawa purukutut.

Basa KAwi

Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, unina: siti, paksi, curiga, turangga, Ian wanita.

  • Siti, hartina: tanah; pakarangan.
  • Paksi hartina: manuk, babakuna anu dipimaksud di dieu titiran.
  • Curiga, hartina pakarang; babakuna pakarang anu pamoran kayaning keris, tumbak, gobang.
  • Turangga, hartina: tutunggangan, nyaéta kuda.
  • Wanita, hartina: istri, awéwé.

Rupa Rupa cAturrangga

Di handap Ieu mangrupakeun tina rupa-rupa Caturangga nyaeta:

  • Sekar panggung: Nyaeta bentuk kuda anu bulu sukuna ti handap nepika tuurna bodas. Watekna hade, mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
  • Satria pinayungan: Nyaeta bentuk kuda anu aya kukulinciran dina tonggong lebah handapeun di belah katuhu. Watekna hade, matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
  • Buaya ngangsar: Nyaeta bentuk kuda anu aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang, watekna goreng lamun dibawa meuntas di cai nu deet.

Rupa Rupa cAturrangga

Di handap Ieu mangrupakeun tina rupa-rupa Caturangga nyaeta:

  • Sumur bandung: Nyaeta bentuk kuda anu aya kukulinciran dina tarang. Watekna hade matak loba rejaki
  • .Tumpur ludes: Nyaeta bentuk kuda aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup . Watekna goreng matak mawa sangsara kanu boga.
  • Turub layuan: Nyaeta bentuk kuda anu aya kukulinciran dina tonggong, belah hareup. Watekna kurang hade, matak pikasieuneun.
  • Wisnu murti: Nyaeta bentuk kuda buluna hideung meles. watekna hade, mawa bagja kanu boga.

Contoh nu hade

Di handap Ieu mangrupakeun tina rupa-rupa Conto nu hade:

  • RAJA-WANA, kuda anu aya ku¬kulinciran tilu dina huluna, perbawana pureut (bangénan) kana dipaké moro, alus jadi tutunggangan priyayi (tutunggangan ratu).
  • MADUGUNTUR, kuda daragem cidét matana sok pépéléyéan, hadé pisan perbawana, pantes jadi titihan ratu (bupati)
  • NILAKUNTI, kuda anu kukulinciran saluhureun biwirna, alus matak unggul perang, tutunggangan perjurit.

Contoh nu Goreng

Di handap Ieu mangrupakeun tina rupa-rupa Conto nu goreng:

  • DURGA-NGERIK, kuda anu aya takulinciran dina létahna, kacida goréngna matak apes, diunghak ku bojo, ngadeukeutkeun pacogrégan jeung tatangga.
  • BUNTEL-MAYIT, kuda anu buntutna ngabundel (muntel bulubuntutna), kacida goréngna, lamun dipaké perang tangtu anu tumpakna pinanggih ajal, perbawana anu miarana téréh maot.
  • BENGENG-TUNA, kuda anu kukulinciranana tengah-tengah susurina, kacida goréngna, matak cilaka mawa apes, ka nu jeneng matak dilepas.

Repok

Tujuan anu patalina jeung cara nyahokeun alus henteuna nasib dua jalma anu keur laki rabi. ma'na anu dikandung aya dua rupa nyaeta

1.Anu alus ma'na kayaning: ratu sabdaning pandita, padaringan, kebek, sangga waringin, satria, lalaku2.Anu goreng ma'nana kayaning: pisangpunggel, lumbung gumulung, tunggak kasemi.

Kode BAbasan

1.Pulang Punggel (kurang alus)2.Lumbung gumilang (Kurang alus) 3.Tunggak Kasemi (kurang alus) 4.Satria Lalaku (alus) 5.Sangga Waringin (alus) 6.Paparingan Kebek (alus) 7.Ratu Sabdaning Pandita (alus)

hatur nuhun!

mangga kangge patarosan dihaturanan